Senin, 17 Desember 2012

Cerita Sunda

Obat Kuat

Jang Omod geus lila dududaan. Kabeneran manggih jodo deui, jeung batur sapagawéan di kebon entéh. Nyi Urnasih téh parawan, tapi geus rada boga umur. Dijangjaruhkeun ku Mang Mandor, duanana sapuk. Kawin wé.
Lantaran geus lila jadi duda, Jang Omod “rada poho deui barang gawé”. Jeung dina itunganana mah, “bisi aing éléh ku pamajikan, kudu nginum obat kuat”, cenah.
Ngobrol jeung Mang Mandor, bari rerencepan.
“Mang, bisi uing éléh ku jikan, cik ménta obat kuat, sugan boga”, Jang Omod waléh.
“Alaaaahh…… silaing mah. Kawas lain tukang tani waé, atuh!”, Mang mandor karunyaeun. Bari nuluykeun omonganana:
“Tuh, loba jukut riut, deuleu”, cenah.
“Enyaan, Mang? Dikumahakeun?”, Jang Omod curinghak.
“Gampang….., Ujang…..! Ari manéh. Jung ngarabut sakeupeul mah. Engké datang ka imah, godog. Cai dua gelas, sina jadi sagelas”, ceuk Mang Mandor, ngabéjaan.
“Tuluy?”, Jang Omod atoh, bari sura-seuri.
“Heu’euh, lamun caina geus diinum, nu manéh pasti ngacengna beuki mangkreng deuleunan”.
“Enyaan?”.
“Silaing mah, ari dibéjaan téh. Tapi kadé! Omat teuing, upama “si éta” geus nangtung, ulah katodél, nya!”, ceuk Mang Mandor.
“Naon sababna?”, Jang Omod héran.
“Na…, ari manéh. Deuleukeun atuh. Apan apal, lamun jukut riut katodél pasti murengked, ngariut. Kaharti? Pasti nu manéh ogé, ngulapés”.
“Si bedul. Sarua wé, uing montong digawé. Dasar kolot teu eucreug. Hanas deuk diturut”, ceuk Jang Omod, bari ngaléos.
Mang Mandor nu ngaheureuyan pangantén anyar, ngagakgak.
*** Geus, ah. Engké poé Saptu, tanggal 22 Desember, di Villa Neglasari Cihanjuang-Cimahi, urang tuluykeun deui, ngadongéngna. Sarumping, nya, ka Dulur-Dulur sararéa. Mimiti pukul 9 isuk-isuk , urang silaturahim. Bari sempal-guyon gogonjakan. Botram sararéa. Ké dalaftar , nya! Ciiiuuuuzzzz, cenah, ceuk barudak kiwari mah. ***

䳔 Newer Post Older Post ►
 

Copyright 2012 Kata Ceritaku Seo Elite by BLog BamZ | Blogger Templates